Wednesday, October 31, 2012

Gambaran Kehidupan Masa Kini Orang Sunda Khususnya di Bandung



Lagu ieu ngagambarkeun kaayaan Bandung kiwari (zaman ayeuna)
Download laguna KUNGPOW CHICKEN yeuh TRIBUTE TO BANDUNG TO PERSIB

Reff:
Da urang mah urang Sunda
welas asih hade basa
sadaya ge da baraya
da urang mah urang sunda
yeuh ieu geura tempo di Bandung kiwari macet
tiap liburan loba nu ka factory outlet
tong sok ngariring bingah ngarilu da urang mah Lain semah mending ge cicing di imah Oy..
Karunya ka pa Timur Baroko sebagai kapolda ngurus anak buah na ngatur jalanan anu pinuh dimana-mana Oy…
bahkan boga gubernur anyar pak ahmad heriawan jeung si kasep kembaran urang wagub Dede Yusuf
tapi keheula maneh tong waka protes heula mun ngadengekeun lagu ieu siga
jumper naon da ieu mah adaptasi tina manuk dadali na Aki Sambas anu leupas entep na teras Circle K hey…
eta toko balatak dimana-mana barudak ngora mani betah gogoleran di hareup na…
pa dada rosada gogodeg kana kalakuan barudak ayeuna
ari babasaan teh mani kudu aya ujung na anying…
Lain maraneh teh urang sunda
karek sakali ka jakarta bae ge mani balaga
ngageroan aing mani kudu make ‘kamana sob?’
emang ngaran aing teh sobarna
bari jeung ditambahan ku bahasa gokil
tuh tempo loba pisan lalaki centil di jalan veteran
geus nyaho sarua lalaki tapi angger keneh kalahka diheureuyan
kade mun naek angkot cicaheum,ciroyom,daerah di pati ukur loba copet neangan hape jeung dompet
alesan na pura2 utah jeung suku na keram, mun kapanggih deui jeung nu kitu.. KEPRET!!*Reff
Kang ibing kiwari tos sering sibuk dakwah bari ngungurus domba gaLing
kamana DoeL Sumbang tos Lami teu nembang deui di kota kembang
nyeri hate es LiLin peyeum bandung tinggaL dina Lagu
da ayeuna mah maLah brownies nu di teang ku semah ti dieu ti ditu
hayang gauL ngopi heula nyahona sagelas 20 rebu
sugan teh sarua jiga di warung ceu yeti 2 rebu menang kopi susu
rumasa sim kuring goreng patut jadi mun Lapar langsung meLesat dahar di ceu emah
‘kasep sareung naon wae emam na?’
mun dahar di gardu jati wengi-wengi sok pajarkeun tos ti pasantren nu hareupeun gang na aya pos polisi
aneh loba pisan jaLma resep nangkring di jaLan Layang
tetempoan ka handap jiga nu keur nempo beruang di kebon binatang
ayeuna Loba jembatan panyebrangan da keukeuh resep nyebrang na di jaLan
soaLna bisa nyebrang bari ngaca di kaca mobiL susuganan di jalan na aya nu geuLis ngadadahan
wuuuh… duh emeen… heh pamaLi kang emen kitu!! kang… emen…

1 comment:

Alamanda said...

Nice info gan. Banyak yang sudah banyak bergeser dari kehidupan dulu ke jaman sekarng. Thx for sharing us gan ^^